Senin, 21 September 2015

KARYAKU



CARITA CINTA BASA SUNDA 

karya saepudin k-xev

Cinta Gara Gara Facebook

Satiap jalma di alam dunya pasti geus teu bireuk deui kanu ngaranna facebook. Facebook the diciptakeun ku akang Mark zuckenberg, urang barat atawa urang bule. Tadina mah akang Mark the nyieun Facebook keur komunitas di universitasna wungkul. Tapi lila kalilaan loba jalma anu panasaran hayang ngasaan nyoba Facebookan, ahirna eta Facebook teh jadi mashur sarta nu makena loba pisan. 
Sim kuring masih inget, waktu mimiti nyobaan Facebookan meni karasa kaluman pisan, pedah biasana mah mun hayang ngobrol teh kudu nelpon atawa sms-an, matak beak duit ratusan. Ayena mah saprak aya Facebook, meni asa ku bagja pisan, hayang ngobrol ka rerencangan, atawa ngan saukur ningalian foto dulur anu jajauhan tinggal  facebookan.
Poe ieu langit caang taya nu ngahalangan, panon poe nyorot kana embun anu masih aya dina dadaunan. Sora manuk silih patembalan milu ngaramekeun alam dunia sarta nambah kaendahan.
Kuring nulis status di facebook : “Duuh endah pisan…poe ieu kacida cerahna…!!”. Teu lila Oedin K-xev ngomentaran kana status kuring “Muhun Dan … asa ku endah pisan ciptaan nu Maha Rohman, hawana enak yeuh mun urang jalan-jalan ka pagunungan atawa pasawahan, bari papasangan, mawa bebekelan, terus makan babarengan balakecrakan….”. Ku kuring ditembal deui : “Waduh…hanjakal pisan kuring can boga pasangan….”.  Oedin K-Xev komentar deui : “Sabar nya… mudah-mudahan aya anu ikhlas Dan…hahaha”.
Saperti biasana kuring angkat ka sakola, bari semangat empat lima, teu hilap hape disumputkeun dina calana, maklum bisi aya rajia HP di sakola. Di kelas kuring ngaregepkeun sagala pelajaran anu ibu guru terangkeun.
Teu karasa, bel mulang disada. Di tengah jalan hape meunang kiriman tina facebook, aya anu menta konfirmasi pertemanan, pas dibuka ngarana Rafika, fotona meuni geulis matak kabita, tapi dina hate campur aduk dua rasa antara bungah jeung curiga. Bungahna pedah kakara ayeuna aya mojang anu ngajak pertemanan bari teu apal saha anjeunna, curigana….kadang aya dina facebook anu pura-pura fotona mojang padahal jajaka.
Bari teu malirekeun kana permintaan facebook tadi, kuring neruskeun perjalanan mulang. Sajajalan loba jalma pada merhatikeun ka kuring siga anu pinuh pertanyaan.
Abong keur ngalamun dina hiji gang leutik, kuring teu nyadar paamprok jeung babaturan ngaranna si Sule ngaran panjangna mah Suleiman, tapi barudak make lalandihan Sule, pajar teh ngarah gampang ngageroannana. Si Sule nepak kana taktak kuring bari pokna : “Dan…tong ngalamun atuh…!”. Kuring ngarasa reuwas pisan, maklum keur usum begal, bari nembal : “Saha nu ngalamun..ari …eh dasar Sule…sugan teh saha !”. Sule nempas deui : “Eta weh katingalina semu nu bingung kitu, keur mikiran naon atuh Dan ?”, Kuring ngajawab bari semu era : “Muhun Le, tadi aya nu ngajak pertemanan di facebook, jadi kapikiran wae”. “Oh kitu…” bari indit Sule ngingetan kuring supaya ati-ati di jalan tong loba ngalamun, bahaya.
Cinta sajati ? naha aneh tiap inget kana foto prifil eta mojang hate the dag dig dug deg-degan. Naha ieu anu disebut  "Cinta Sajati" anu dipimilik ke sakabeh jalma? Cinta anu cenah kacida endahna jeung mawa bungah kana hate.
Nepi di imah, kuring langsung muka laptop, ngecek facebook niatna mah. Tapi karek ge muka laptop geus digeroan ku pun bapa dititah meuli es kalapa, “Dan…bapa pangmeulikeun es kalapa heula nya? saur bapa, “Tapi Dani menta sabungkus nya pa !” ceuk kuring rada kapaksa, bari kereteg dina hate “Tapi kabeneran yeuh kuring ge haus pisan mungpung gratisan”, bapa semu mesem bari pokna “Kabiasaan Dani mah kudu aya buruhna wae, heueuh jig atuh buru meuli kaditu, bapa keur hayang pisan es kalapa !”. kuring buru-buru meuli es kalapa pesenan pun bapa.
Beres meuli es langsung ka kamar muka laptop nu tadi ngageroan bae. Teu basa basi kuring muka facebook, terus mukaan pesan anu aya di facebook, aya 4 pesan anu teu acan dibaca, opatan nana ngajak kenalan, tapi aya hiji anu matak panasaran ngan ukur ngirim pesan “Hai ?” jeung ngajak pertemanan. Kuring langsung ningali profil na eta mojang, sihoreng anu tadi inbox dina HP. Kuring ngabales bari nanya “Hei juga, siapa ini ya ?”. ditungguan nepi ka satengah jam, tapi teu acan aya balesan. Bari nungguan balesan kuring nonton film drama korea.
Teu karasa jam di kamar nunjukkeun kana angka 2, tapi tetep can meunang balesan. “Aduuh ieu beuteung kukurubukan menta dieusian”, bari rada kesel kapaksa kuring ka dapur dahar heula sanajan teu tega kudu ninggalkeun laptop.
Sanggeus wareg terus kuring muka laptop deui, pas facebook dibuka, alhamdulillah aya jawaban, anu eusina  “Namaku Tiara, kamu Dani kan, boleh kenalan gak ?”. “Boleh aja” jawab kuring, terus kuring nanya deui “Emang kamu tahu FB ku dari siapa ?”, “Aku dikasih tahu FB kamu sama Sule” jawabna singkat. Kuring rada mikir heula “Oh Sule yang rambutnya kribo, Oke deh aku konfirm FB ya !”.
Unggal poe silih kirim pesan, kirim komen teu poho silih kirim foto, kadang silih sindir jeung silih puji sarta kirim-kirim lagu atawa film anu keur rame di bioskop.  Teu karasa tilu minggu geus kaliwat, ayeuna arek jejeg sabulan kuring jeung eta mojang facebookan.       
Dina hiji mangsa kuring muka facebook, pas kabeneran pisan Tiara oge keur online. Dina hate “Wah kabeneran yeuh..Tiara keur online oge !”. Kuring langsung  nyoba ngajak ketemuan ka Tiara istilah budak ayeuna mah disebutna kopi darat.   “Tiara kapan-kapan kita kopi darat yuk ?” Ceuk kuring dina percakapan, “Ayo.., kapan, dimana ?” jawab manehna. “Gimana kalau hari minggu aja jam 07.00, di taman perumahan methland ?” tembal kuring bari rada deg-degan, Tiara ngajawab deui “Oke deh, ntar aku tanya temenku, siapa tahu dia mau ikut”. Kuring oge janjian jeung Sule poe Minggu arek kopi darat jeung Tiara, Sule langsung nyanggupan kana pangajak kuring.    
Alarem HP disada jam 05.30, nandakeun ayeuna poe minggu, sabab kuring geus masang alarem HP bari make note “minggu ketemuan jeung Tiara”.  Kuring langsung mandi, teu hilap ngosok gigi, make sampo lifeboy anu wangi. Beres mandi make baju trendi meunang meuli kamari di mall cileungsi, terus disemprot minyak wangi melati.

Di taman methland kuring nungguan sule, tapi can datang, jam tangan nunjukkeun jam 06.49, hate tambah deg-degan. Ti kajauhan aya 2 motor anu ngadeukeutan, motor anu kahiji lalaki , anu kadua aya duaan, hanas hate geus bungah pisan bakal kenalan jeung mojang anu aya di facebookan. Sihoreng teh geuning lain mohang anu ditungguan.
Akhirna kuring mulang teu meunang kapastian naha jadi ketemuan atawa ngan saukur angan-angan sorangan……

Tamat

CURHATKU

PENGALAMANKU

LAMUNKU

Setiap insan pasti memiliki keinginan, lamunan, 
impian bahkan hayalan
tak jarang dari mereka terbawa ke jurang kenistaan 
akibat tidak tercapai semua tujuan 
begitu juga aku, aku memiliki keinginan seperti orang kebanyakan, 
mengidamkan hidup mapan, sedikit beban, 
dan hidup penuh dengan kenikmatan.
namun apa yang telah digariskan Alloh Yang Maha Rohman 
tidak bisa kita hindarkan
jatuh bangun dalam perjuangan menempuh impian, 
sudah melekat dalam pikiran.
aku pernah terbawa arus ikut-ikutan bisnis yang gak karuan 
hingga tertipu hingga nama baik tercemarkan. 
tapi semua aku terima dengan keimanan, dan keikhlasan, 
karena semua adalah sebuah perjalanan hidup yang sudah dituliskan.